Nganjang Ka Sang Rumuhun Via Dongeng Virtual

Opini Rakean Wanen Ismaya | Ruangatas.com

Peuting ieu kuring ider jagad, néangan naon baé nu kapanggih sarupaning buah. Nya, kawas kalong. Ngan buah mah mun dihartikeun téh lain saukur nu bisa di dahar hungkul, pamikiran nu aheng gé jadi kadaharan batin keur lenyepaneun léngkah hirup ka hareupna. Cindekna Kuring geus nepi ka buruan imahna Dr. Rony Hidayat Sutisna, sobat dalit keur zaman kuliah. Lain ku tutumpakan sarupaning mobil atawa motor, kuda, onta, gajah, maung, lain ogé ku telepati, tapi ku téknologi nu ilahar sok diparaké maén game ku barudak kiwari. Satutas unjuk salam ditarima kumanéhna nu dipapaés maksud jeung tujuan kadatangan, teu kungsi lila ti dinya; derekdek wé manéhna téh ngawangkong. Ngadongéngkeun deui naon nu kungsi ditepikeun ku guruna, nyaéta Abah Ahmad Rahayat Jati, anjeunna pernah cumarita kieu ka manéhna:

Bacaan Lainnya

Euweuh nu bisa méré pencerahan nu leuwih hadé tinu lian iwal ti mantenNa Nu Maha Murbéng Alam, Nu Maha Uninga sajatina jeroan diri urang. Sapuk, kuring nu ngabandungan éta caritan ngabenerkeun pamadeganna. Musababna mah yén, ajaran Kala-Cakra Para Hyang diantarana ajaran Cahaya, matakna bisa mikanyaho Tata Ru-Wang (Makro-Mikro Cosmos) ku tilu simbol benda langit: Béntang, Panonpoé jeung Bulan. Tilu éta sok mancerkeun cahaya. Nu ngandung harti: Béntang Sirius mangrupakeun simbul tina kasadaran. Panonpoé mangrupakeun simbul tina akal pikiran, atuh Bulan mangrupakeun simbul tina rasa.

Jauhna mah mun seug memang kajadian aya kesenjangan antara cai jeung seuneu. Antep baé da angin bakal jadi motivatorna jeung taneuh bakal jadi mediatorna. Nu ngajadikeun SA-HU-DA-RA: Sa nu ngandung harti cai. Hu nu ngandung harti angin. Da nu ngandung harti taneuh, atuh Ra nu ngandung harti seuneu. Jadi wé PANAKAWAN. Atuh ari PANAKAWAN mah lain saukur babaturan, tapi sobat. Naha? apanan tina dua basa; PANA jeung KAWAN. PANA (fana) nu ngandung harti lebur, teuleum, rusak atawa ancur. Atuh ari KAWAN mah nungandung harti nu marengan.

PANAKAWAN mah nu tetep béla tur satia nalika urang aya di titik nol dina kaayaan ancur sagala-galana. Pan kadangkala aya paribasa kieu : “Keur subur makmur mah batur gé ngaraku dulur, tapi ari aya dina kaayaan ancur mah dulur gé ngadadak jadi batur” jauhna mah mun urang nilik deui kana carita, khususna dina carita SUDAMALA nu disebut PANAKAWAN téh nyaéta : SEMAR – CÉPOT – DAWALA – GARÉNG nu geus pamiliér dina carita pawayangan di Sunda, minangka wuwujudan tina opat anasir anu pagilinggisik dina Hir-Walahirna Manusa.

Sok geura Bandungan waé sakabéh karakterna. Karakter SEMAR nu ngawengku sakabéh palasifah kawijaksanaan. CÉPOT enya ogé sok ngalonjéng heureuy tapi heureuyna ngandung siloka. DAWALA sok jadi panerjemah tina rupa siloka, kadang sok aya dina bahasana nu ngandung ajaran. Atuh ari GARÉNG mah kajeun bahasana togmol, kasar tapi saujratna, tara didingding kelir di sindang siloka. Galak tur wani dina bener.

Jeung deuih lamun nilik deui kana carita KABAYAN JATI SUNDA bagian hiji jeung dua, apan ari si ITEUNG téh tina singkatan ibarat eunteung, sabab buktina mah da teu hideung nu disebut si Iteung téh éstu ngembang céngék; gambaran wanoja nu mampuh ngimbangan tur ngeunteungan laku hirup jeung huripna KABAYAN nu réngkah paripolahna sok dianggap lucu, polos, tapi sekaligus cerdas.

Ngeunteung ka diri urang sorangan, ari sajatina urang téh saha? Atuh jauh teuing kadinya mah bisi can nepi. Kieu wé atuh, ari réngkah paripolahna urang na kahirupan sapopoéna kawas saha atawa siga ngawakilan saha? Naha kawas si Iteung, Kabayan, Semar, Cépot, Dawala, Garéng, Bintang Sirius, Matahari, Bulan, Cai, Seuneu, Angin, Taneuh, atawa di luar éta? Éta kabéh réngkah paripolahna urang téh da karasana mah lain ku diri urang, tapi ku nungarasakeun laju ngabandungan gamblang kaayaan laku diri urang. Saha? Nu boga perhatian husus ka urang, lain harti keuheul, bogoh, atawa surti, tapi nu sok ngageuing urang téh lain harti manéhna pangbenerna hirup, tapi éta nu disebut kanyaah ti Pangéran langsung ngaliliwatan perantara nu dipercayakeunna.

Modél urang kungsi jadi guru, nangtung di jero kelas, di satukangeun méré matéri apanan osok ogé mapagahan ka murid, lain harti nu wani mapagahan téh hirupna geus lempeng. Apanan hirup jalma mah tina papada daluang ninggang kana paribasa Sunda; Nyiar élmu tina luang, tina daluang, jeung ti papada urang nungandung hartina nyiar élmu mah bisa meunang téh tina pangalaman, tina maca buku, jeung ti saha waé nu enggeus pernah panggih jeung pinanggih tur karandapan ku urang langsung. Apanan heuheuy jeung deudeuh téh jadi tontonan tur tuntunan keur urang nu mikir. Bener ari rumus hirup mah kudu ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan: Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabéngbat ku rupa-rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hadé.

Ngan masing inget, kudu ngukur ka kujur, nimbang ka awak. teu sapati-pati jalma ngélingan mun seug teu nempo aya nu salah na pola urang nu keur dilakonan. Masing inget ka Pangéran, yén éta téh salah sahiji ciri yén Pangéran nyaah ka urang. Da lamun papagahna méngpar mah bakal karasa ieuh. Hartina mah ari endog mah cokot waé najan kaluarna tina bool Hayam gé. Ambéh caina hérang laukna beunang. Sapuk, ceuk kuring nu bari unggut-unggutan, najan unggutna kuring teu katempoeun ku manéhna, tapi ari rasa mah pasti bakal ngarasakeun dumasarna mah sa frékuénsi. Peuting nu beuki simpe. Hujan nu ngiripis ti tadi soré teuing iraha rék eureunna. Kung-kong, kung-kong, kok-kok, kok, sora Bangkong beuki mapaés simpé na haté nu jempling dibarung sora jangkrik: Krik. Krik. Krik. Sakedapan matung. Kuring pamitan ka sobat, satutas jadi bahan tulisan nu geus bieu dibaca ku anjeun. [rwi]

***
Tulisan lianna yasana Rakean Wanen Ismaya, bisa diakses di
https://whatsapp.com/channel/0029Vb56zYQ6hENqDuqTHc3j

Pos terkait

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *