Opini Rakean Wanen Ismaya | Ruangatas.com
Carita naon nu rék makalangan, penulis mah kawasa, naha? Apanan naon waé nu arék dituliskeunna ku manéhanna, dumasar hasil tina tatapakanna. Boh tina maca, boh tina hasil niténan nu aya di sabudeureunna. Cindékna mah moal sapati-pati dituliskeun lamun teu disatujuan ku Pangéran Nu Maha Murbeng Alam. Samodel tulisan ieu, teu puguh laratanna, ujug-ujug hayang ngawangkong perkara umur. Padahal mah éta hak mutlak weunangna Pangêran Nu Maha Agung.
Intisarinamah kauger kusarupaning naon waé nu aya di alam dunya, kabéh gé boga faédahna séwang-séwangan, najan kapatok ku umur keur kumelendangna di ieu alam dunya. Sok sanajan hirupna teu lana, atawa teu bisa patepung taun. Éta pisan nu disebut kawasana Pangéran nu euweuh babandinganna. Lain ogé teu adil dina méré umur keur mahluk nu lianna. Conto ilaharna wé mindeng urang ngadéngé karék gé lahir, boh éta orok, tangkal atawa sato geus mulang deui kanu bogaNa. Naha maké bisa kitu? Anging mantenNa nu bisa ngajawab maksud jeung tujuanna sapuratina.
Atuh naon nu rék dicaritakeun? Perkara ilaharna umur nu teu manggih tepung taun, ti makhluk sato. Misalkeun Kukupu nu teu kungsi ulang taun. Sabab maranéhna ngan boga umur 47 poé. Laleur Capung, jenis serangga nu ka asup family ordo Ephemeroptera ieu ngan saukur hirup 24 jam. Ari faédahna mah sarua kawas ilaharna Capung, Ngan nu ngabédakeunna mah, ari Laleur Capung mah sapanjang hirup na téh leuwih menghasilkeun nimfa (larva nu karék borojol) jeung dina sésa hirupna nu kasungsi kumaranéhanna ukur digunakeun keur ngaproduksi.
Gastrotricha nyaéta sato anu ngan bisa katempo ku mikroskop dumasar nilik kana ukuran awakna Ngan saukur 0,06-3,0 mm, bentukna siga cacing. Sato ieu bisa di panggihan dina cai tawar jeung cai laut. Sato ieu struktur awakna transparan sarta ngojay nuturkeun arus. Umur gastrotricha ngan ukur bisa hirup salila 3 poé. Reungit mangrupakeun salah sahiji sato anu hirupna pondok. Hususna Reungit Jalu, hirupna ngan ukur samet 10 poé, sedengkeun reungit bikang hirupna leuwih panjang. Nu kudu dipikanyaho ku urang mah pikeun catetan yén ngan reungit bikang hungkul nu nyedot getih mah, sedengkeun reungit jalu mah kadaharanna téh ukur ngadahar kadaharan sabangsaning nectar kawas karesepna nyiruan.
Sireum Jalu (nu kaasup pejantan) béda jeung sireum pagawé, sireum jalu hirupna ngansaukur dahar jeung baranahan. Umur sireum ieu ngansaukur nepi ka 2 minggu. Laleur mangrupakeun jenis serangga anu hirupna pondok ogé umurna. Hirupna laleur ngan nepi ka sabulan. Sanajan kitu, laleur bisa baranahan gancang. Kaleuwihanna laleur nyaéta bisa ngahasilkeun 1.000 endog dina hiji réproduksi. Capung ogé masih kaasup kana kulawarga serangga nu kagolong kana golongan Odonata. Capung teu bisa hirup jauh tina sumber cai. Kusabab cai mangrupikeun tempat manéhna ngendog, baranahan (kawin), katut hiji wilayah pikeun méakeun sésa kahirupanna. Hirupna Capung gé ukur sakeudeung, nyaéta sakitar 4-6 bulan.
Atuh kumaha jeung Siraru? Ceuk sakaol mah Siraru téh ka asup kana laleur capung téa, nu geus dibahas di luhur. Tétéla urang bisa kalayan gampang manggihan sababaraha jenis sato anu hirupna pondok. Atuh di satukangeun éta, ceuk sakaolmah, yén sireum jeung lauk mah, teu kungsi ngimpi sabab maranéhna teu kungsi saré. Laju, mun disakompét daunkeun mah, maranéhanana téh teu kungsi ulang taun. Aya deui nu leuwih ahéng ti dinya, nyaéta Tutut, pédah ceuk sakaol mah, yén Tutut gé bisa saré nepi ka tilu taun lilana dina kaayaan hirup.
Dumasar hasil tina panalungtikan nu singket, geus bisa ngabuktikeun ku agungna kawasana Gusti Nu Maha Asih nu enggeus nyiptakeun urang kabéh minangka mahluk nu “istiméwa”. Atuh jauhna mah, saumpamana dina poé ieu, urang poho kana naon anu disebut ngangluh, ngandung harti urang téh keur dina kaayaan éling, hartina keur bersyukur. Nya, geus sakuduna urang nu dibéré patokan umur leuwih lila ti maranéhanana, wajib bisa maca naon nu dimaksud ku Pangéran éta. Hartina kudu bisa nganafakuran diri, tadabbur, muhasabah katut tabayun nu teu bisa leupas tina kalang iqra, salaku paslun awal nu wajib dipesék nepikeun ka tilar dunya.
Jauhna ieu mah, leupas tina wangkongan nu di luhur, nyaéta perkara tujuh paragrap. Lir ibaratna mah tujuh lapis langit, tujuh ayat inti Al Qur’an, tujuh alam, tujuh wenangna katut mustahilna Pangéran, jeung tujuh lianna nu kudu wajib (minimalna) dipikanyaho ku urang saméméh puput umur, naha? Moal bisa sampurna ngalakonan hiji perkara lamun urang tacan bisa nempuh kana éta tatapakan pikeun akadna, kitu ceuk sakaol mah. Kaol nu mana? Kaol nu geus narepi kana kuring jeung kurungna, kana kurung jeung kuringna, hartina; saha atuh kurung jeung kuring téh?
Beuki jauhna deui ieu mah, naon hubunganna jeung umur nu dibahas? Moal sapati-pati urang diturunkeun katut dihirupkeun di ieu alam dunya, lamun lain kontékna titah ibadah. Ibadah nu mana jeung nu kumaha? Lian ti nu dipikarido ku Pangéran, urang téh kudu néangan jalanna ogé naon atuh nu disebut rido ku mantenNa téh? Salah sahijina 7 tirakat nu kudu dilakonan nyaéta; kurangan saré, kurangan dahar, kurangan gaul, hirupkeun peuting ku jalan dzikrullah (salah sahijina) ku jalan rutin nu datangna diulang ulang-ulang, lobakeun nyorangan pikeun bisa nafakuran katut nganyahokeun seja sajatina diri urang, matuh dina hiji tempat pikeun ngiket élmu katut ngalatih rohani, jeung piara adab salik jeung syaikh na anu bakal ngajadikeun éta adab eunteung pikieun kahirupan urang ka hareupna. Ninggang kana paribasa mah teng maruteng anak merak kukuncungan, lain harti éta paribasa pikeun kahirupan kulawarga hungkul da uyah mah moal téés ka luhur.
Atuh beuki jauhna, anapon perkara anu tujuh mah, éta salah sahiji katangtuan tina sababaraha katangtuan. Da aya perkara anu salapan. Tujuh lapis langit anu dina isra mi’raj éta sacara lahiriyah. Kaluhurna aya deui nepi ka lapis salapan anu dijalanan ku batiniyah. Lapis dalapan disebut sidratul muntaha, langit ka salapan anu disebut musta’wan. Malaikat ngan nganteur nepi ka musta’wan ieu. Kaluhurna mah ka alam suwung sosoranganan. Atuh perkara salapan ogé loba dina hal lain na, lain saukur ngabahas langit.
Mun urang nilik kana: Babandingan Konsép Mandala jeung Pamikiran Para Filsuf, salah sahiji pamikiran para Filsuf anu ngagambarkeun konsép Mandala nyaéta karya Dante anu kasohor, Divina Comedia. Dina konsép Divine Comedy, gambaran ngeunaan Mandala disebutkeun salaku lapisan langit celestial (antariksa) disambungkeun ka puseur langit. Di handap ieu susunan lapisan langit dumasar kana konsép Divine Comedy:
Lapisan sawarga Allah + Malaikat. Sky Center (Puser Langit). Lapisan Luhur Langit. – Langit Ngarobah – Langit Dimana Béntang – Langit Saturnus (Zuhal) – Langit Jupiter (Mustari) – Langit Mars (Mirrich) – Sun Sky (Srangenge) – Langit Venus (Zuhrah) – Langit Merkurius (Utarid) – Bulan Langit. Lapisan langit ieu dibagi jadi dua wewengkon badag, nyaéta tilu lapisan ngeunaan puseur langit, jeung salapan lapisan langit luar. Jumlah lapisan saluyu jeung lapisan Mandala dina konsép ajaran Sunda, lain ngan saukur kabeneran, tapi dumasar kana sumber data nu sarua. Tapi, istilah-istilah anu dipangaruhan ku daérah katut kujamanna nungamungkinkeun béda dina ngucapkeun sareng interprétasi.
Mandala umumna diwangun ku tujuh Ka-Mandala, nyaéta Hyang Mandala pikeun préstasi nalika ngémutan alam semesta, Mandala Agung pikeun préstasi nalika ngémutan kahirupan berbangsa sareng bernegara, Mandala Wangi pikeun préstasi nalika ngémutan bebeneran, Mandala Wening pikeun préstasi nalika ngémutan welas asih, Mandala Raja pikeun préstasi nalika ngémutan kawijaksanaan Mandala, Mandala Wening pikeun préstasi nalika ngémutan welas asih, Mandala Raja pikeun préstasi nalika ngémutan hikmah sareng budi. diri, jeung Kasungka Mandala pikeun préstasi bari tetep mikir ngeunaan (gaya hirup, génder, kakuatan) jeung sagala hal anu animalistic (héwani) sarta mangrupa kualitas manusa panghandapna.
Anapon lamun ngijirna kana sumber tulisan ti Saleh Danasasmita, ngeunaan Agama Sunda: “Numutkeun pantun Bogor dina lalakon NGADEGNA PADJADJARAN, runtujan Kahyangan téh tétéla dilapis-lapis. Di dinya dipaké ketjap Mandala anu hartina sarua djeung ketjap Alam (Diménsi). Djumlah Mandala sakabéhna aja 12 : tilu di alam Pawenangan djeung Salapan di Kahiangan. Baheulana pisan mah bisa djadi anu dipaké téh ketjap Langit, sangkaan nu nulis kitu, dihaminan ku Pa Soersa djeung deui ajana lapis-lapis langit téh mangrupa hasil alam pikiran anu wadjar boh di Timur boh di Barat”.
Anapon Lapisan Mandala dumasar kana pamahaman Agama Sunda anu disebut Mandala Hyang téh nyaéta: • Hyang Tunggal • Awang-uwung • Enggon Kala Jeung Déwa Anu Tilu – Mandala Samar – Mandala Balé Agung – Mandala Djati – Mandala Suda – Mandala Seba – Mandala Rasa – Mandala Karna – Mandala Permana – Mandala Kasungka. Cindékna mah; Mun di diri urang téa mah, sakumaha pernah disebut ku Sujiwo Tejo: “di dalam aku ada banyak aku”. Nu Hartina di awak urang sorangan ogé aya loba lapisan. Atuh mun ceuk Syeikh Abdul Qodir Jaelani téa mah aya lapisan Mulki, Malakut, Jabarut, jeung Lahut. Lapisan Mulki nyaéta lapisan jasad, atawa lapisan biologis. Lapisan Malakut nyaeta lapisan pikir, hawa, kahayang, jeung nafsu. Lapisan Jabarut nyaéta lapisan haté. Lapisan Lahut nyaéta lapisan ruh atawa spirit nu mangrupakeun lapisan anu paling murni.
Atuh naon hubunganna sakabéh tulisan ieu jeung ngabahas umur? Salawasna laku jeung lampah urang kudu éling ka Pangéran, sukur-sukur mah bisa manggih tur tinemu jeung kajatnikaan diri katut laku hirup-huripna di ieu alam dunya, saméméh mulang ka tanah air sajati. [rwi]
***
Tulisan lianna yasana Rakean Wanen Ismaya, bisa diakses di
https://whatsapp.com/channel/0029Vb56zYQ6hENqDuqTHc3j