Sapanjang Hayat Uyut jeung Ayat Saampar Jagat

Opini Rakean Wanen Ismaya | Ruangatas.com

Satutas raat hujan, sareureuh budak, déwék ider jagad deui, teuing rék ka mana nya ieu lumampah, tapi naha bet nepi deui ka buruan imahna Dr. Roni Hidayat Sutisna (Inoy)? Can gé uluk salam, manéhna geus mukakeun panto bari ngomong na semu ngagerem tur agem, matak sebér nu ngadéngéna, kawas nu karandapan ku déwék peuting ieu:

Bacaan Lainnya

“Ceuk kolot ngaing kieu: Katerangan Ayat kudu saluyu jeung katerangan Uyut. Élmu Ka-Sumedangan téh nyaéta TILU SAPAMULU, DUA SAKARUPA, HIJI ÉTA-ÉTA KÉNÉH. Nu TILU SAPAMULU nyaéta Resi – Rama – Ratu, sing sarwa papak teu luhur teu handap, Samya Agung dina tatapakanna, tunggal dina adegan nu disebut NA-GA-RA. Nu DUA SAKARUPA nyaéta inya éta Adat jeung Agama, samya aturan najan béda pertélana, Adat mah basa buana, ari agama mah cenah basa ti jomantara, tapi duanana sarua ngatur laku kahirupan lir indung reujeung bapa.” Kuring nu masih olohok mata simeuteun, can gé mairan, geus ngawangkong deui waé:

“Ari nu HIJI ÉTA-ÉTA KÉNÉH, inya nu kasebut Sembahan, Gusti Anu Maha Murbéng Alam, Nu Maha Tunggal. Réa sotéh panelahna, dumasar kana ulikan batin séwang-séwang, manggih caang rasana keur kumaha jeung di mana. Numatak ulah héran mun cara nyebut tur nyembahna saampar jagat hanteu sarua jadina téh, tapi tujuan mah sacara Tauhid Rububiyah, nya kadinya-dinya kénéh ngamuharana, inya ka Dat Nu Maha Sampurna anu dicaluk Si Ijuna Jatinistemen dina ajaran Bayu-Sabda-Hedap ku Kolot-kolot nu disebut Tilu sapamulu, Dua sakarupa, Hiji nya éta éta kénéh”.

Laju, dia nutupkeun panto imahna. Rék mawa kopi meureun. Ceuk pikir. Da enya sakapeungmah sok lalagaan kitu. Najan enya lain lalagaan, tapi keur nransper élmu pikeun lenyepaneun uteuk déwék. Satuluynamah déwék téh diuk wé di tepas, najan can ménta ijin ka manéhna. Nya, asa piraku atuh teu méré ijin mah, apanan bieu téh sidik mencrong beungeut déwék, sabot dia cumarita kitu.

Cekés-cekés korék api hésé hurung, baseuh sigana kabancuh hujan balas ngiuhan, tapi teu burung hurung. Pelenyun-pelenyun déwék udud bari ngabandungan haseup nu hiber, sakapeung ka bawa séahna angin, tapi tetep teu burung ngapung kakalayangan ka jomantara. Kawas siga nu teu boga beban hirup waé. Heueuh, sigana mah hirup téh kudu kawas haseup, euweuh beban, ringan kakalayangan. Beresih tina mangrupa-rupa hal pikiran hirup. Enya, kudu kawas haseup sigana mah ambéh téréh nepi, bisa patepung jeung nu boga kuring katut kurung. Ah, naha bet kamana waé ieu sawangan téh, kawas nu ahli maripat waé!

Nu katilu kalina ieu roko keréték téh diseuneut. Ceuk sakaol mah haram, tapi naha bet loba waliyulloh nu ngaroko? Ah, pohokeun heula pasualan éta mah. Nu matak didurukan wé ku déwék mah. Apanan barang haram mah geus sakuduna diduruk lin, alias dimusnahkeun tina ieu kahirupan, bisi kaburu kaseuseup kubatur, nya meuning diseuseup wé ku laku diri. Heueuh, mun seug nyatana yén bako téh haram, nya angger waé, moal sapati-pati Pangéran nyiptakeun mahluk mun euweuh faédahna mah. Nya kawas ieu bako, jadi batur tafakur keur déwék mah. Apanan barang nu halal gé bisa jadi haram di daharna, kawas madu, mun dikonsumsi ku jalma nu keur gering panas, kitu ceuk hiji keterangan mah. Duh Gusti, ngan hanjakal ieu téh can aya kopina. Naha pohoeun kitu dia téh, pan aya déwék nganjang?

Kéla, balik deui ka dieu: Nya naon atuhnya nu tadi diomongkeun ku dia ka déwék téh? Tapi da kudu kajawab ku uteuk déwék, wajib kajawab ieu mah. Ah, rék dicobaan ditadabburan baé, sugan nepi kanu dituju. Kieu meureun: Nya ieu téa meureun nu disebut Élmu Ka-Sumedangan nu nanjeur na 33 pasal katut kabagi tilu bagéan, nyaéta sawelas pasal séwang. Sawelas pasal parkara karesian (réligius), sabelas pasal perkara karamaan (hukum sosial kemasyarakatan, nu dijerona ka asup perkara Tata Nagara), atuh anu sawelas pasal deui mah prrkara karatuan (kapamimpinan manusa di bumi). Enya, apanan 33 pasal atawa paslun ieu téh ayana dina eusi kitab kuno nu dingaranan naskah Balabar Jagad.

Nya, teu salah ieu mah. Apanan mangkukna téh si Inoy pernah ngomong kieu ka déwék: “Naskah ieu téh ayana jauh ti saméméh kang jeung Rasulullah Shallallahu Alaihi Wasallam, dibabarkeun. Eusi naskah ieu téh ngagambarkeun perkara perjalanan alam semesta nu titik tumpuna mah, yén masing-masing jaman, tiap-tiap périodisasi, tiap-tiap agama katut kapercayaan, tiap-tiap generasi, tiap-tiap ras atawa suku, nu ngandung paham taat kana kayakinan Hiji Pangéran, Tunggal, atawa Monothéisme.”

Heueuh apanan tatagenan monothéisme téh geus ilahar pisan dipikanyahona tur dilakonanna gé geus ti saban zaman, nyaéta béda agama jeung kayakinan mah geus aya ti jaman buhun na gé. Ngan nu kudu di waspadaan ku urang kiwari nepikeun ka akhir jaman téh nyaéta, euweuh deui wahyu tambahan saenggeus turunna Al-Quran, jeung moal aya deui nabi katut rasul satutas Rasulullah Shallallahu Alaihi Wasallam nu geus dinisbatkeun, yén anjeunna mah nabi panungtung atawa rasul panutup nepikeun ka akhir jaman. Ngan nu kudu dipahami kubalaréa mah, yén kaberagaman dina tata jeung cara geus lain deui hiji masalah, naha? Apanan mun nilik kana bhatinniyah sacara éntitas mah, yén tujuanna mah sarua. Da euweuh nu mikanyaho yén agama nu diagem ku kuring leuwih hadé tibatan agama nu dianut ku dia. Kitu deui apanan kana pasualan madzhab ulah nepikeun jadi pajauh huma. Da nu kudu diwaspadaan mah, nyaéta ayana tetekon adat nu jadi acuan pikeun ngajalankeun sarta ngatur kana pamanggih lahiriahna.

Pangpangna mah, yén urang téh kudu salawasna eling ka sakabéh pangeusi ieu alam raya, hususna mah alam bumi; apanan, pangeusi na téh lain saukur manusa hungkul. Aya sato katut tatangkalan, yén éta kabéh téh ciri tina ayana sirkulasi gaib, nyaéta kauniyah nu kudu dibaca ku sakabéh jalma (manusa), katut kudu bisa nafakuranna dina kaayaan salalawasna éling. Cindekna mah, yén manusa téh salaku mahluk makro kosmos nu kudu bener-bener na kaayaan sadarna. Naon atuh ari nu dimaksud kholifatul fi ardi téh? Lain saukur samet jadi pamimpin di ieu alam dunya, tapi geus sakuduna wajib ngariksa jeung ngaraksa katut ngajalankeun paslun adat jeung agama sacara saimbang méh jadi sabeungkeutan nu ngajadikeun utuh saujratna kitu.

Naon atuh ari nu dimaksud adat téh, nyaéta katerangan ti uyut jeung ti para luluhurna, ieu pisan nu dimaksud Ajaran Bumi téh. Lian ti éta naon atuh nu dimaksud agama téh? Nyaéta katerangan nu ngajelaskeun perkara ayat pikeun dijalankeun na kahirupan sapopoéna. Nya éta pisan nu dimaksud Ajaran Langit (Wahyu), nu kabagi jadi dua ayat, nyaéta qauliah jeung kauniyah nu sumebar di sakabéh alam fana.

Cindekna mah posisikeun Uyut jeung Ayat téh sacara vértikal, lain sacara horisontal, dumasar mosisikeun agama jeung kapercayaan lainna. Poma ulah wani-wani mosisikeun dina hiji generasi peradaban téh, posisina aya dina sajajar. Mun urang geus bisa nepi kadinya dina sakabéh pamadegan, bakal kabuka naon nu dimaksud sajarah tina kabéh. Da kabéhanna gé tujuanna mah ka hiji muara nu sasumbér, nyaéta Alloh Nu Maha Murbéng Alam. Jauhna mah, adat téh nyaéta acuan nu dipaké ku luluhur urang pikeun nyampurnakeun aturan bhatinniyah. Aturan bhatinniyah ieu mangrupakeun aturan langit, nu turuna ngaliwatan jalan risalah katut wahyu. Jadi, mun duanana aturan ieu dijalankeun, bakal tingtrim sakabéh perjalanan dina hirup jeung huripna manusa.

Heueuh, ngarti ayeuna mah, tapi naha nya kopi téh can datang waé, padahal sora kacapi nu sok dipetik ku dia masih kadéngé mamaés tembang nu dilagukeunna, hartina tacan saré yeuh si Inoy téh. Nyaan, téga ieu mah teu kaluar imah deui. Ceuk gerentesna batin déwék, bari tuluy beunta, alatan ngadéngé sora tuk tuk tuk tuk tuk tuk nu murudul, sing horéng ngabéjaan yén sésa data kuota tinggal 20 MB deui. Aéh heueuh nya apanan ti tadi téh keur virtual, poho mareuman. Paingan euweuh kopi téh. Heueuh geus kajawab deui waé nu matak kudu saimbang téh kieu apanan; supaya salamet na sakabéh lalampahan lahir katut batinna. [rwi]

***
Tulisan lianna yasana Rakean Wanen Ismaya, bisa diakses di
https://whatsapp.com/channel/0029Vb56zYQ6hENqDuqTHc3j

Pos terkait

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *