Carpon Bentang Sakati: Taya Tungtung Teuteupan

Carpon Bentang Sakati | Ruangatas.com

Di hiji taman anu teuing di mana ayana, kuring nempo hiji masigit kubahna badag kitu ogé manarana jangkung pisan nu punclutna kawas endog; éta masigit warnana bodas ngeplak. Ngan nu jadi ahéng mah teu katempo diri kuring, kanyahoan téh basa nyodorkeun dua leungeun ka hareup tanda ngadu’a, ari gerak awak mah aya karasa apanan lamun ngadu’a sok dipencrongkeun kana dampal leungeun, ngan euweuh ari ragana leungeun kuring mah, tapi bisa nempo éta dénah nu teu puguh tungtung. Sadar euweuhna sakabéh waruga kuring téh kareureuhnakeun.

Bacaan Lainnya

Balik deui kana wangkongan; kuring nu di luhur bukit, kitu deui masigit téh ayana disatukangeun bukit nu lewih pendék ti bukit tempat kuring nempo. Cindekna mah béda bukit jeung kuring, nu rarasaan mah kuring téh keur nangtung. Bukit-bukit nu nyarongclo téh gambaranna mah persis na Félm Télétubbies.

Sabot mencrong manara, laju tungkul sakedapan bari nyebut asmaNa, ujug-ujug aya jalan di hareupeun. Jalan lempeng dihotmik. Tuluy persis dikatuhueun kuring nangtung, di sisi éta jalan aya dua mobil; hiji mobil ambulan warna bodas nyacas, hiji mobil warna silver. Laju aya hiji jalma nu ngaliwat ngadodorong arco ti arah katuhu ka kénca keun. Ngadorongna mani antaré, teuing beurateun, teuing keur ngarararsakeun, teuing kitu matuh pola gawéna. Ngan manéhna teu nempoeun kuring. Jeung deuih euweuh deui jalma iwal ti kuring jeung manéhna nu mawa arco. Manéhna nu mawa arco, ku kuring dituturkeun ku panon, nepikeun ka euweuhna, dina tungtung teuteupan, da puguh apanan jalan lempeng éta teuing di mana tungtungna gé. Balik deui, kuring niténan naon waé nu katénjo. Nu antukna mencrong deui ka éta kubah jeung manara masigit, kitu jeung kitu. Nu antukna fokus mencrong ka dua éta benda: kubah jeung manara.

Teu sawatara lila sabot olohok matasimeuteun, dibarung ku dzikrulloh, ieu sirah asa aya nu ngajongklokeun. Barang beunta, sobat kuring masih aya di hareupeun, khusyuk mujasmédi, manteng ka Pangéran. Atuh kuring ogé nuturkeun, milu ngama’mum ka manéhna, nya ari pikiran jeung hatémah pagaliwota: “Nya naon atuh nu bieu kasungsi ku kuring téh? Rarasaan mah sakeudeung, tapi asa lila sabot tadi aya di luhur bukit.” Cindeknana mah kuring jeung sobat réngsé ngadeuheus ka Pangéran. “Hayu balik?” Ceuk sobat. “Embung balik!” Témbal kuring nu teu dadak sakara panénjo disimutan ciibun nu nyangkrung na kongkolak panon.

Teu lila ti sobat nu laju indit neangan kitab ka rohangan séjén, kuring ngadengé hiji sora: “Pan salira téh lir ibarat Cai nu medal ti Sumber, sing hadé dina ngamalirkeunnana malar teu salah jalan dina ngamuharakeun diri ka Sagara Jati Sampurna, sabab teu kurang nu kasarung ngalulurung kalah ngembeng di kolombéran. Geura baca gurat takdir Kalang Kujur, Kalang mah ti wétan ka kulon pikeun leumpang apal wiwitan, pikeun sujud puguh nyanghulu. Kujur mah ngalér ngidul keur nyaho arah jeung tujuan sukma dina piamaneun mulang.”Dipapaés ku sora sobat nu ngabéjaan kuring ti rohang séjén: “Aya nu ngampihan sigana kitab téh!” kuring teu ngajawab manéhna, ukur unggut bari jeung teu katempoeun ku manéhna.

“Sholat téh alat atawa kandaraan dina kitab Azkiya disebutkeun “As-Syarii’atu Kas-Safiinati ,… = ari syaré’at éta ibarat parahu”. Laju ari sholat nu bisa nyegah kalakuan keji jeung mungkar nu kumaha? Nyaéta nu geus maké suluk dina sholatna. Mantak disitir ku Sunan Ampél laju diropéa deui ku Sunan Kalijogo dina LIR ILIR : “Pénékno belimbing kuwi” = taékan éta balingbing téh! Naha teu kesemek? Nya kudu Manunggal, sabab balingbing segi lima ngandung harti opat ka-lima pancer simbol ti rukun islam nu lima jeung sholat nu lima nu kudu kataékan (katorékatan). Ari paham mah ké ogé nuturkeun cara geus apal mah kantun ap’alna, da ma’rifat Dat Sipat Asma gé teu sampurna mun teu parat tepi ka Ap’alna. Heug keun wayahna sabar darana heula, sing yakin hiji wanci anu pasti dina mangsa nu geus merenah bakal kasorang bagja. Lakonan baé lalaunan ulah hayang gurung gusuh, ngarah mutma’inah kadituna.”

“Naha sorana jadi robah. Ieu mah sora si Inoy, heueuh teu salah. Atuh ari nu tadi sora saha?” Ceuk gerentes haté kuring, harita. “Masih betah?” Ceuk sobat nu geus kaluar ti rohangan nu séjén. “Embung balik puguh!” témbal kuring. “Nya, sok atuh abdi mah rék udud heula di luar.” témbalna. “Ah, milu wé kétang!” Kuring bébérés gura-giru, laju nyampeurkeun ka manéhna; “Hayang nyarita ieu téh!” ceuk kuring muka deui obrolan: “Ulah ah, cukup sorangan baé nu nyaho!” Ceuk sobat, siga nu geus apaleun naon nu bieu karandapan. Nu antukna mah ngaragameneng séwang-séwang. Teu lila ti dinya, kuring pamitan kanu jadi sobat nu geus dianggap guru ku kuring.
**

Nyérélékna wanci, kawas hordéng nu dibuka tutup. Satutas sholat lohor, kuring nampa WA ti Inoy: “Anumawi urang samya diajar Nguntun Tasbéh malah mandar bentas kabéh, Hindu, Budha, Karésten, Éslam papada boga tasbéh, papada boga itungan. Horéng nu diitung téh siki, lain daging komo cangkang. Tunggul kawung tuwuh suung. Tunggul Jati jadi deui Jati mah kajeun geus murag daun sok laju bagus tumuwuhna. Ari sikina malah sok kudu kabeuleum heula supa gé gasik jaradi. Saperti ayana ujian téh nyata pikeun ngunggulkeun darajat tur nuwuhkeun daya hirup nu leuwih kuat. Jati Buhun Jati Luhun, Kahanan Parahu Nuh nu nahun.”

“Naon ieu téh Noy?” Ceuk kuring mairan WA ti manéhna. Lalaunan mata poé lingsir; cindekna mah euweuh jawaban, ti Inoy, alias Dr. Rony Hidayat Sutisna. “Baku ari geus heureuy téh.” Gerentes haté kuring. Teu kungsi lila gawai disada, tanda nampa WA: “Aduh karék kabaca WA na. Karék nyaring, soalna geus sabulan tara saré peuting, saréna isuk-isuk. Teu saré lain ukur gadang, tapi keur nungguan kajadian anu geus digambarkeun dina algoritma Kala Cakra, yén taneuh téh bakal oyag. Waktuna digambarkeun kajadianna dina waktu janari. Matak tara saré. Taneuh bakal ngagundung (harigu indung) atawa gunung ( jiga nyebut sendal jadi senal) tur ngaenggondéwa (gondéwa)”

“Nya, kamari gé karasa aya gempa, Noy!” ceuk kuring, mairan: “Dina jero tapas aya nu teuas, batok ngaranna. Dina jero batok aya nu bodas, daging kalapa ngaranna. Dina jero daging kalapa aya cai sumur gantung talaga di awang-awang, cai kalapa ngaranna. Laju mun geus kolot sok aya sikian, Bubutut atawa Bakal ngaranna. Jauhna mah dina jero sirah aya babatok. Dina jero babatok aya polo. Dina jero polo aya akal. Dina jero akal aya kasadaran. Tafakuraneun katut tadabburaneun urang éta mah!” Ngabandungan eusi WA na nupanungtung, asa bet nyarambung kieu, ieu téh. Nya naon nu bakal ka sungsi di hareup? Pagaliwotana haté kuring, lir ibarat nu kasmaran. Nya naon atuh purakeun keur kuring?
**

Layung nu nyalira luhureun mumunggang gunung galunggung, soré ieu, jadi papaés simpéna haté kuring. Nya naon atuh nu kudu dipesék salian jadi inget kana ilaharna omongan sakabéh Dalang: “Ari itikaf téh naon? Cicing di Masjid. Ari cicing di Masjid aya naon? Aya dua harti: Hiji masjid saréat. Dua masjid hakékat. Naon kalimah mesjid téh? Gedong duwur kali sambung, pagulingan sepi tingtrim, pepetétan samya murag, balingbing lan jeruk manis.”

“Naon gedong duwur téh? Masjid téh bangunan anu luhur nu ngahijikeun bumi jeung langit. Kali sambung nu dihijikeun éta dunya jeung akhérat, pagulingan sepi tingtrim, nyaéta beurang jeung peuting. Pepetétan samya murag, nyaéta jalma-jalma anu ngaleungitkeun sipat-sipat nu goréng na dirina, sipat-sipat kotor, sipat-sipat bubudakeun; sirik, pidik, jail, kaniaya ngirem pangastén rumpak-rumpak teu kaopan, teu payaan, kékéd méngkéné méréngkél cap jahé hésé méré, korét ngarana buntut kasiran, éta sifat nu bubudakeun.”

“Balingbing lan jeruk manis; hirup anjeun bakal diwengku ku dua: hiji balingbing nyaéta lima persegi. Hiji sumerah diri ka Gusti, dua hormat ka papada jalma. Nu katilu micinta lemah cai. Nu ka opat ajeg jeung kayakinan diri. Nu kalima nebarkeun silaturahim. Kadituna bakal ngalaman jeruk manis naon? Padang bulan nyaéta caang téa nu pikangareunaheun na, teu manggih beurang, teu manggih peuting. Ari tafakur téh naon? Ari tafakur téh ngasupkeun masjid kanu jero rasa. Hartina; rep sidakep sinuku tunggal, tangan loro dadian tunggal, ana awas boten nawas, ana ambung boten nambung, ati ngait manah ngénta, menekung kanu Maha Agung, ngabrantang kanu Maha Kawasa, mujasmédi kanu Hyang Widi, teu galideur: La Ilaha iIllallah.”

Lian ti inget ka Ki Dalang, jadi inget ogé kana omongan nu jadi guru, nu geus pareumeun obor; “Jang, ari hirup mah kudu salawasna inget kana ayak-ayak béas. Ulah pegat matuh dina dzikir, istighfar katut salawat. Ulah nepikeun ka pindah tampian. Sabisa-bisa mah dawamkeun babarengan dina laku dzahar. Sakalian ngelingan kanu lianna. Sugan jeung sugan jadi wasilah hidayah keur nu ngadéngéna. Apanan cahaya ilahiyah bakal sumebar tur euntreup di saha waé nu dipikahayangna.”

“Ké geura mun panon katut ceuli batinna geus bisa ngadengé katut nempo mah, tiap dawam nu kaluar tina sungapan laku hirup nu ikhlas, bakal mancawura Cahaya Ilahiyah nu sumebar ka sakabéh rohang-rohang katut euntreup kasaha waé nu dipikahayangna. Nu matakna ulah kagét téh apanan ayana di dinya pisan, yén hidayah mah mutlak milik Pangêran, rêk ka saha waé dibikeunna mah. Urang mah itung-itung cukang, nya ari utamana mah latihan matuh, saméméh mernah éta dzikir laju hirup sorangan di jeroeun kurung. Poma, éta dzikir, pikir jeung ikhtiar téh sing bisa nepi kana kawijaksanaanNa, ambéh hirup teu kasasar; nya boh dina lakuna, katut lampahna gé. Mama teu nitah hidep jadi wali, tapi sajatina diri anjeun kudu bisa nepi deui kanu boga kuring jeung kurungna, nyaéta Robbul izzati.”

“Eweuh deui jalan lian ti silih nganteurkeun ku ketak pépéling!” Ieu mereun pesekeun kuring mah; lalakon naon atuh nu rék disorang ku kuring na laku midang ka hareupna, Ya Batin? Aéh, naha maké gimir sagala; apanan dalang mah kawasa? Beu! [bs]

***
Tulisan lianna ti Bentang Sakati aya di saluran WA: https://whatsapp.com/channel/0029Vb56zYQ6hENqDuqTHc3j

Pos terkait

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *