Fikmin Agni Winaya | Ruangatas.com
Dina hiji tempat anu teu biasa, kuring jeung rombongan kulawarga asup ka hiji daérah nu ngarana Lolo Gincang. Hiji daérah anu teuing dimana tempatna, deukeut laratanna mah. Cenah mah rék nyekar tur néangan aki-aki anu katelah rancingesna, kuring mah teuing rék néangan naon, tamba kapanasaran wé, da ngan ukur nutur-nutur emang ti pamajikan.
Sanggeus nepi ka tempat anu dituju, katempo aya jalma datang, siga nu geus nyambung. Pas ditanya, “Kuncénna saha?” manéhna langsung ngajawab (poho deui ngaran kuncénna). Tidinya, kuring jeung rombongan kulawarga turun terus leumpang ka kebon. Di dinya loba ruyuk, mapay-mapay solokan anu rada saat.
Di tengah-tengah jalan ka tempat anu dituju, pasalingsingan jeung hiji awéwé, sigana warga dinya, katingalina mah geus aya umuran. Tapi pas rombongan datang, manéhna siga nu sieuneun, malahan mah teu beunang ditanya. Atuh, kuring jeung rombongan neruskeun leumpang.
Di dinya, aya sabaraha tangkal garing. Katingali aya oray héjo anu sakitu gedéna meulit dina tangkal éta, meureun aya sagedé budak kuring mah nu umurna 2 satengah taun. Tapi anéhna teu katingali dimana hulu jeung buntutna, meureunan bakat ku panjang.
Tidinya, kuring jeung rombongan terus leumpang beuki jero, bari rarandapan da haté mah rada sieun, geus ningali oray nu teu puguh tungtungna. Tah, ti harita kuring inget tuluy wé ngucap Innalillahi wa inna ilaihi rojiun, ras wé beunta tina pangimpian.
Romadon, 1446H
Jumaah, 28 Maret 2025
Panglenyepan:
Fiksi ieu dicutat tina impian, nyaéta hiji jalma nu keur aya dina kaayaan nu teu puguh tujuanna, utamana dina dunya pagawéan. Anjeunna nyanghareupan halangan-harungan, nu sakapeung matak pikahariwangeun.
“Lolo gincang” didinya hartina “lolo gincu,” hiji lalaki nu sabar tur kuat ikhtiar, tarung nyiar nafkah pikeun kulawargana. Sanajan sakapeung kacapéan, manéhna tetep maju, teu pondok harepan, teu gedag kaanginan.
Tapi, dipungkas tina haté leutikna, aya karaguan jeung kabingung nu hésé dilawan. Sanajan kitu, manéhna yakin yén sagala hal bakal balik ka Pangéran Nu Maha Kawasa, nu nyanggi sagala kahayang tur nangtayungan unggal jalma.